Rabu, 01 Juni 2016

Carpon Bahasa Sunda

Bid’ah
Harita dina dinten rebo di kelas papada raribut, ngaributken perkara tugas nu teu kaur beres na. Si adi nu anteng niron, si bayu nu ngahereyan istri, sareng deui si ari nu nyieun kaributan teu puguh kalah nambah kaayan jadi kiruh teu puguh, keur mah pelajaraan saacan na kimia deuih haduuuuh..........
Adi nanya “ari ayeuna teh pelajaran matematika nya?”  “ayeuna teh ku bapa 11 meter nya?” pok na bayu. Sim kuring nanya deui “saha bapa 11 meter teh?” “pa iim saur bayu.  pedah ngaran pun bapa teh I, I, M. Jadi weh ku barudak bapa di sebut 11 meter. “eh teu kenging kitu da kitu oge guru urang sadaya nu tos ngajarken ngitung, ngajarken nambah, kurang, log, bagi, fungsi, trigono, jeng sagala saking seeur na nepi ka arurang tunduh“ jawab sing kuring, “enya lah , sok hoream tunduh jaba sok bid’ah – bid’ah wae teu kaur ngalakuken kalakuan nu teu di contokeun ku rasul” saur bayu. Tok tok tok kadangu sora anu ngetrok panto ka kelas, ai pek bapa iim lebet bade ngajar, kaayan kelas langsung lep.... jempling saatos pa iim lebet ka kelas. “sok ayeuna bagian diajar relasi fungsi trigonometri jeung ngagambarken grafik fungsi trigono di koordinat (x,y)” saur bapa, ngadangu bahan pelajaran anu bade di ajarkeun sakitu panjangnya barudak sakelas langsung ngadadak tarunduh. Simkuring mah da teu tunduh da anteng ngadanguken lagu dina hape bari ngagunaken headset. “ahmad!!!” bapa nyarekan ka simkuring “ lesotken eta naon anu diasupken kanu ceuli? Bid’ah nu kitu teh, rasul teu nyontokeun anu kitu ka urang sadaya” si bapa nyarekan ka simkuring bari sora nada na di jangkungken. Simkuring bingung jeung sieun langsung ngasupken hape sareng headset kanu kantong. Pa iim nyarios “tah naon anu dilakuken tadi ku ahmad nu kitu teh perkara bid’ah da rasul mah teu nyontoan perkara anu kitu, sabenerna jaman ayeuna seeur manusa ngalakonan perkara nu teu di contokeun ku rasul “abdi naros ti pernyataan pa iim anu tadi didugikeun “ bapa ai nu sok selfie fofotoan sorangan bari seuri saperti seuri entog di poto nateh, nu kitu bid’ah atuh bpa?” “Bid’ah” jawab bpa “pami nu bobogohan bapa?“ tanya si bayu, “hehehe sami nu kitu ge bid’ah da rasul mah teu nyontokeun bobogohan tapi taarufan“ jawab deui si bapa bari seuri rupa ngaremehken”. Ai si ari nu tukang heureuy di kelas kakaraeun mikir kitu, trus nyeletuk ku polos na nanya ka pa iim “berarti bapa oge bid’ah atuh?“ pa iim ngajawab ”naon maneh ari? Wani-wani ngabid’ah ken ka bapa, na kitu bapa salah naon? “ “ kan saur bapa oge naon anu nu teu dicontoken ku rasul eta teh bid’ah, tah matak abdi tiasa nyimpulken bahwa bapa bid’ah oge da kanjeng rasul mah can pernah ngalakukeun atawa nyontoan ka umat sareng sahabatna yen lamun sahabat atawa umat ngalakukeun perkara anu can di contoan ku rasul, kanjeng rasul mah tara nyebatken bid’ah – bid’ah ka maraneh na” pok na ari. “hehehe bener oge euy si ari, kakaraeun si ari mikir nepi ka kitu“ saur simkuring, “enya nya hebat oge, teu nyangka abdi mah ka si ari“ saur bayu deui.
Di dinya si bapa nyingcet nyandak deui buku na tuluy kaluar, mereun ucapan murid na tadi rek di tafakuran ku maneh na.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar